Saturday 29 October 2011

PAPATAH PITUTUR KEUR BARUDAK

PAPATAH PITUTUR KEUR BARUDAK
Ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka barudak nu parantos kersa muka sareng maos ieu tulisan sok sanajan ieu tulisan moal panjang lebar tapi mudah-mudahan ieu tulisan teh aya guna jeung mangfaatna keur nu maos ieu tulisan oge keur balarea dina enggoning ngambah kahirupan sapopoe.
Barudak….sim kuring nulis ieu tulisan teh ningali , nengetan jeung prihatin kana perkembangan  jeung perubahan  jaman anu terus berkembang bari jeung jalma-jalmana anu ngajamanana teh lain ngamangfaatkeun sisi hadena  atawa sisi positifna tapi sabalikna si negatifna nu dominan dimangfaatkeun demi kasenangan duniawi wungkul.
Contona Internet, loba fakta jeung kanyataan  yen jalma-jalma teh  ngagunakeun internet ngan saukur keur kapentingan nu kurang penting misalna: kaulinan ( games ), muka situs-situs terlarang, ngaunggah video-video nu kurang pantes,  nyalahgunakeun situs jejaring sosial keur kasenangan wungkul bari poho kana waktu ( Facebook atawa twitter ) jeung salian ti eta lamun ditatan hiji-hiji loba pisan rupana.
Tapi ti sagigireun sisi negatifna internet oge loba pisan manfaatna keur jalma-jalma nu hayang maju bari jeung bener. Tah kudasar  ieu sim kuring nyoba nyiptakeun blog  bari jeung sederhana keneh ,bari jeung eusina masih minim pisan , oge kualitasna jauh ti sampurna. Sim kuring nyoba nyajak ka barudak oge adi-adi urang ngamangfaatkeun internet pikeun hal nu positif.  Daripada ka warnet keur tujuan nu kurang manfaat, leuwih hade urang indit ka warnet teh pikeun diajar pangajaran sakola atawa nambah wawasan kaelmuan anu bermanfaat.
Terakhir sim kuring ngajak ka barudak hayu urang tinggalkeun kabiasaan nu kurang hade, yu urang ganti ku biasaan anu mangfaat keur diri.
He…Barudak
Kudu mikir  ti leuleutik.
Maneh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan…..

                                      Penulis : Nurlatif M.
                                                                                            Pengajar Di SDN Belendung III

No comments:

Post a Comment